Wilujeng Sumping di Blog Susundaeun | Blogna urang Sunda anu can nyunda | Ampun Paralun Ka Kersa Linuhung | Amit menta Ka Hiyang Jagat Kersa | Amit, amit, amit

Rajah Jeung Kujang Sunda

Rajah Galunggung

PanyawanganGalunggung agung rahayu, ruminjing manjing walagri
Galunggung agung rahayu, ruminjing manjing walagri
Bray caang bray narawangan, wangi diri sanubari
Gorejag saringkang-ringkang, rancage hate awaking
Ngebatkeun jalan laratan, katampian geusan mandi
Ka leuwi sipatahunan, leuwi nu maruncang diri, diri anu sakiwari
Rek muru lulurung tujuh, ngaliwat ka Pajajaran
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan, jeung usikna pangancikan
Hung Ahung
Turun ti gunung gumuruh kahujanan kuma ati
Nya moyan di pamoyanan, papanggih jeung urang Dami
Anu ker mener ngarajah, madep ka dayeuh ka Wangi
Hung Ahung



Rajah Jeung Kujang Sunda




Ieu Video pangleler ti Budak Satepak atanapi NcepBorneo:
http://ncepborneo.wordpress.com/2011/06/30/rajah-kujang/

Search Amazon.com for kacapi suling

Resep Penca

Pencak Silat Cimande Macan GulingIsuk-isuk keneh geus kadenge mangprangna sora kendang jeung teretetna sora torompet, lain luhur panggung atawa di nu kariaan tapi tina radio butut luhureun meja, sisi bilik anu geus caroplokan sawareh apuna. Ma'lum can usum cet baheula teh, teuing teu kabeuli..xixixi.

Geus biasa unggal ahad, bapak kuring aya di imah sok sanajan tara lila oge, sagala di cabak teu sirikna indung suku oge dicabakan. Dasar kuring ker meumeujeuhna bolon ololleho teu kaop ngadenge kendang pencak sok rengkenek we ngengklak, bari teuing jurus nanahaon nu dipake estu saka inget. Pakupis jeung pakepuk jiga nu sedeng ngamuk..heheheh....Gulutuk kaditu, gulutuk kadieu persis jiga peusing ker diboro. Sial dangkal nasib diri, "guprak" suku kuring najong emuk eusi cai kopi nu bapa kuring nepika paburisat luhur samak nu ngagelar. Kuring mundur bari murungkut, da puguh bapak kuring nguniang bari molotot:
Pencak Silat Perpi Mataram - Kunstvolles Kämpfen aus Indonesien (German Edition)"Kehed siah! heug ngajedog ari kolot ker diuk teh, lain gogorentelan jiga ucing kumincir".
Kuring teu nembal da puguh heuheuh rumasa salah, bari campur jeung hayang ceurik oge.
"Ngaji anggur nu baleg jeung kikitu patutan mah!" Ceuk bapa kuring bari ngaleos, asup ka enggon.
"Meunggeus tong jebleh, da bongan maneh atuh teu ngajedog! Teu kanyahoan indung kuring ngaliwat hareupun, rek meresan samak nu kaseblok cai kopi. Kuring oge ngaleos kaluar rek ngabangbarangkeun kakesel, "bete" ceuk budak kiwari mah.

Pencak Silat: Through My EyesTi kajadian harita kuring teu wani rerengkenekan, komo gogorentelan lamun aya bapa kuring. Jiga nu heueuh we meneko, padahal rarasaan mah ararateul hayang ngarengkenek. Galecok we di jero dadamah bari ngagerentes,"gera indit. gera indit, gera indit" teu pok, da sieun diseblok.

Teuing kumaha jeung teuing kunaon sarta teuing ti mana mimitina kuring make resep kana kendang penca, padahal bisa heunteu nepi kiwari oge...teuing atuh mani kuresep.

Sangkuriang jeung Falsafah Sunda

Pedaran ti abah Surya


Numutkeun abah Surya sandiasmana abah Hidayat Suryalaga, urut Réktor Itenas Bandung, sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol). Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang Sumbi).

Cacak kitu, tétéla ngahijina antara Sang Égo Rasio (Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi), henteu sagampang anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus dikawasana Sang Égo Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan sosial anu dumasar kana kaasih jeung kanyaah, interdepéndensi – silih asih-asah sarta silih asuh anu humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta hiji talaga kahirupan sosial (nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala rupa kumpulan manusa kalawan rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta, jatidiri nu sagemblengna ogé kudu dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul anu jadi asal muasalna (Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti gumelar (wétan, tempat mimiti medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu némbongkeun éksisténsi dirina (tutunggul, pananda diri) sarta dina panungtunganana manéhna ogé baris miboga turunan anu kabiruyungan dina masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa kabéhana bakal lekasan diteleg ku sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung Burangrang).

Matak hanjelu lamun tétéla harepan pikeun ngahijina Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir ngadahupna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir, ahir kahirupan (boéh rarang atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka Sang Égo Rasio ngan saukur rasa hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”. Mangka kaadigungan rasio dirina ditalapung, jadi waé saurang manusa transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan kasangsaraan anu tumiba kana dirina (Gunung Tangkubanparahu).
Cacak kitu, lantaran sang Égo Rasio masih ngarasa panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu dipidangdam (Dayang Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun diri jadi saksi laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo Rasio (kembang Jaksi).

Panungtungan carita nyaéta mangsa datangna kasadaran lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan kasadaranana ogé, dicabut sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio (gunung Manglayang). Mangka kiwari kabuka saluran prosés komunikasi anu sopan jeung saha ogé (Sanghyang Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan imeut, dijaga pisan kadaharan anu asup kana beuteung teh ngan anu halal beresih sarta méré mangpaat.

Pedaran ti bah Engkus Ruswana


Numutkeun bah Engkus Ruswana, salah saurang inohong Sunda, Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaéta alat pikeun nempo sangkan leuwih taliti, écés tur museur. Tumang téh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna konéng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun konéng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu ogé ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaéta sebutan keur awéwé, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus. Dayang bisa ogé dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = déwa). Sumbi nyaéta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awéwé = ibu pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yén wujud diri téh hakékatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang.

Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, ogé bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awét jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yén ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa téh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus paréot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda nétélakeun yén Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, ogé lain sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan. Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuring na.

Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab éta waktu si Tumang di paéhan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaéhan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawé, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaéhan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina élmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maéhan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.

Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan élmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawé nu rancagé, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak. Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yén kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakékatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga). Dina ngalaksanakeun gawéna, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaéta : pangawasa/gerak- langkah, pangersa/kadaék, hirup, pangrungu/déngé, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain béja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna. Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina.

Boéh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku élmu/katerang/ kanyaho nu ditembrakkeun/ dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawé akal pikiran). Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawé rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Élmu spiritual Sunda ngajéntrékeun yén aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamaréntahan diri, nyaéta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda) . Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boéh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipaké ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajén luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagedé gunung ibarat tunggul (Bukittunggul) , haté nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajén (Burangrang) . Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weléh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi).
Intisari papatah nu dibéwarakeun:

Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papastén ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaéta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya ogé ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran éta teu meunang maéhan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Élmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab éta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakékat kamanusaanana.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motékar nempa diri sangkan luhung ku élmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tékad, ucap jeung léngkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaéta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).
Kadé masing taliti, yén dina diri manusa téh aya tilu kakuatan nu bisa maréntah diri, nyaéta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna haté ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahadé upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.

Sumber:http://su.wikipedia.org/wiki/Sangkuriang

Kawih Jeung Dongeng

Ayang-ayang gung

Ayang-ayang gung,
gung goongna rame,
menak ki mastanu,
nu jadi wadana,
naha maneh kitu,
tukang olo-olo,
loba anu giruk,
ruket jeung kumpeni,
niat jadi pangkat,
kantun kagorengan,
ngantos kanjeng dalem,
lempa limpi lempong,
ngadu pipi jeung nu ompong

Kawih di luhur ngagambarkeun hiji carita, nyaeta nyaritakeun ngeunaan Ki Mastanu. Dina ieu kawih di caritakeun Ki Mastanatu teh meunang kalungguhan ti Kompeni atawa ti kaum penjajah dina danget harita. Anu sok padahal rahayat katut para pajoang lokal ker meujeuh-meujeuhna giruk atawa ceuceub ka kaum penjajah teh. Atuh Ki Mastanu sorangan jadi bahan inceran para pejoang, lantaran dianggap geus hianat ka bangsa sorangan.

Dina sisi sejen dicaritakeun deui yen Ki Mastanu teh saurang ahli elmu anu paduli kana sajarah karuhun, anu memang ngahaja nutur-nutur pihak kompeni atawa Walanda. Naon atuh maksud jeung tujuan Ki Mastanu make jeung nutur-nutur Walanda teh?

Dina danget harita Walanda ker maluruh ngeunaan sajarah Pajajararan. Nya Ki Mastanu teh minangka Guide cenah ceuk jaman kiwari mah. Ki Mastanu sorangan ngabogaan maksud pribadi, nyaeta boga rasa hariwang bisi Walanda nyelewengkeun sejarah Pajajaran pikeun ngadukeun rahayat atawa bangsa dina danget harita. Ahirna tetep dongeng ngeunaan Ki Mastanu teh aya dua rupa.

Beja, bisa heueuh bisa henteu. Kukituna dipungkas ku lempa lempi lempong, ngadu pipi jeung nu ompong. Lantaran nungarana beja jeung jeu cenah tetep teu bisa dijieun hunjjah.

Ieu kakawihan ku kuring dianggap pangajaran jelema baheula, yen dimana urang meunteun hiji perkara teu bisa gagabah. Nyaeta urang teubisa ngahukuman alus atawa goreng hiji perkara lamun can eces jentre tur pertela ngeunaan alus jeug gorengna. Wallahu A'lam

Dongeng sunda

Lain gula lain uyah

Minangka pangjajap kana seratan anu munggaran, simkuring kagungan sekedik obrolan ngenaan Sunda kieu obrolanana teh:
Kuring kungsi nanya ka hiji kolot, anu kiwari geus taya dikieuna. Kuring nanyakeun ngeunaan naon ari Snnda. Eta kolot mere gambaran anu kuring tacan kungsi ngadengena. Kieu cenah: "Jalu! Sunda teh lain gula,  lain uyah deuih. Tapi sunda teh amis, sunda teh asin". Kuring ngahuleng sakedapan, panasaran tuluy nanya: "Jadi naon atuh sunda teh?. he he he he...ki kolot ngehkeh wangun genah, bungah ningali kuring anu gantung dengeeun. Teu tuluy ngajawab. Suruput kana ci teh panas, nyot kana udud daun kawungna wangun betah tumaninah estu taya bangbaluh, sok sanajan hirup basajan."Kieu jalu, ari sunda teh rasa, nu ngancik di manusa. Jadi lamun rek neang asin teu kudu dina uyah, mun rek neang amis teu kudu dina gula. Matak tong aneh lamun loba urang sunda nu geus teu nyunda, ibarat uyah leungit asina". Ooooh! jadi kitu ki?."Heueuh jalu, pek teang sunda teh dina diri". Peun

Mangga ka saderek anu ngalangkung ka palih dieu, bilih kagungan pamendak tiasa nyerat dina komentar. Hatur nuhun sateuacana